MAKALAH Biantara (Bahasa Sunda) Disusun Oleh : Najla Muthiah Nurlaila (9.3) Naysika Azzahra (9.3) Naila Zahrah (9.3) Fauzan Azmi (9.3) Erlangga (9.3) Darius Sulistyono (9.3) Magalih Chaisar Ramadhan (9.3) SMPN NEGERI 2 JONGGOL TAHUN 2023/2024 KATA PENGANTAR Puji syukur atas kehadirat Allah SWT yang telah senantiasa memberikan Rahmat dan hidayah-Nya sehingga kita dapat menyelesaikan makalah ini yang berjudul “ Biantara ”. Dalam penyusunan makalah ini , ditulis berdasarkan materi yang berkaitan dengan biantara, dan serta informasi dari media yang berhubungan dengan biantara. Penulis menyadari bahwa makalah ini masih kurang sempurna. Untuk itu diharapkan berbagai masukan yang bersifat membangun demi kesempurnaannya. Akhir kata semoga ini dapat membawa manfaat untuk pembaca. DAFTAR ISI KATA PENGANTAR....................................................................... DAFTAR ISI..................................................................................... Bab 1 Bubuka................................................................................... A.Kasang Tukang Masalah...................................................................... B.Rumusan Masalah................................................................ C.Tujuan.................................................................................. Bab 2 Eusi......................................................................................... A.Wangenan Biantara.............................................................................. B.Tujuan Biantara.................................................................................... C.Jenis-Jenis Biantara.............................................................................. D.Tehnik Biantara.................................................................................... Bab 3 Panutup........................................................................ Kasimpulan................................................................ Saran.......................................................................... BAB 1 BUBUKA A.Kasang Tukang Masalah Biantara sok dianggap pangajaran nu teu di pika resep ku siswa, sabab siswa kurang parigel néangan ide jeung kecap-kecap kunu variatif dina ngarang,siswa oge kurang parigel dina ngaralapkeun éjahan sarta kurang parigel dina matalikeun unggal kalimah ti mimiti nepi katungtung sangkan nyiapkeun tulisan nu merenah tur mibanda harti jeung maksud. Sangkan bisa nyebutkeun struktur teks biantara, bisa ngaidentifikasi struktur teks biantara nu nyampak dina teks, bisa ngaanalisis aspek-aspek kabasaan nu nyampak dina teks biantara, bisa nyusun teks biantara sorangan kalawan ngagunakeun basa sunda anu merenah, mikapaham padika nepikeun biantara, sarta bisa ngalangantangkeun biantara di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun sora, lentong jeung wirahma anu merenah. B.Rumusan Masalah -Wangenan biantara teh naon? -Tujuan Biantara teh naon? -Naon bae jenis-jenis dina biantara? -Tenhik naon bae nu aya dina biantara? C.Tujuan -Ngajelaskeun wangenan biantara -Ngajelaskeun tujuan biantara -Ngajelaskeun jenis-jenis biantara -Ngajelaskeun tehnik nu aya dina biantara BAB 2 EUSI 1.Wangenan Biantara Biantara atawa pidato téh nyarita di hareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur, bisa mangrupa sambutan, pangarahan atawa panyuluhan anusipatna monolgis, ukur diréspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon. Biantara anu saé ngagaduhan éfék positif kanu ngaregepkeun atawa ngadangukeun éta biantara. Jalma nu ahli biantara disebutna orator. 2.Tujuan Biantara 1. Informatif Nya éta méré hiji pamahaman atawa informasi ka batur.Urang tiasa ngadugikeun informasi anu nuju haneut jeung janten bahan omongan di masyarakat kanggo ka pirsawan. 2. Argumentatif Maksudna, urang tiasa ngayakinkeun jalmi kana hal anu nujudicarioskeun dina bianatara urang jeung pirsawan tiasa yakin kana cariosan urang. 3. Persuasif jeung Instruktif Nya éta mangaruhan batur ambéh daék nuturkeun kahayang urang tur sukaréla. Tujuan ieu sami sareng tujuan arguméntatif, sanajan kitu anu ngabédakeuna mah nya éta inténsitasna. Tujuanbiantara ieu leuwih digunakeun kanggé ngagugah sareng ngagerakkeun pirsawan kanggé ngalakukeun hal anu dicarioskeun dina biantara. 3. Jenis- Jenis Biantara Ditilik tina sifat eusina, Biantara bisa dibagi jadi sababaraha rupa. Jenis-jenis biantara nyaéta: o Biantara bubuka o Biantara pangbagéa o Biantara paresmian o Biantara laporan 4. Tehnik Biantara aya 4 Tehnik Biantara anu biasa dipake nyaéta; 1.Ngadadak (Impromptu),nyaéta biantara ditepikeun sacara spontan tanpa aya persiapan. 2. Nalar (Memoriter), nyaéta biantara anu eusina ngapalkeun heula téksna tuluy ditepikeun. 3. Maca Teks (Manuskrip), nyaéta biantara ditepikeun ku cara maca téks biantara anu geus dijieun saméméhna. 4. Nyatet Inti (Ekstemporan), nya éta biantara anu ditepikeun ku cara bébas tapi ngagunakeun pedoman rangkay anu geus dijieun saméméhna sangkan topik bahasan henteu kaluar ti rangkay. BAB 3 PANUTUP A.Kasimpulan Biantara Nyaeta kagiatan nyarita nu dilakonkeun di hareupeun bararea kalayan anu tujuannana nepikeun eusi informasi, gagasan, ide, rasa, kalayan ditimbal ku unggeuk, gidek jeung keprok. Hal anu kudu diperhatikeun dina biantara nyaéta: 1.Mamanis Basa 2.Gaya Basa 3.Tehnik Biantara, jeung 4.Jenis jenis Biantara. B.Saran Saméméh ngamimitian biantara, urang kudu nyaho ngeunaan 4 téhnik biantara sangkan sakabéh runtuyan anu rék dibaca bener.