Uploaded by sophiii5

text sunda resensi

advertisement
Judul Résénsi : Cara Bertahan Hirup Kulawarga Suzuki ti Musibah Pareum Listrik
mangtaun-taun
Idéntitas
Judul
: Survival Family / サバイバルファミリー
Wanda
: Drama
Genre
: Petualangan, Komedi, Sci-Fi, kulawarga
Produksi
: Fuji Television Network, Toho, Dentsu, Altamaria Pictures
Sutradara
: Shinobu Yaguchi
Pamaén
: Fumiyo Kohinata – Yoshiyuki (Bapa)
Éri Fukatsu - Mitsué (Indung)
Yuki Izumisawa - Kénji (cikal)
Wakana Aoi - Yui (bungsu)
Durasi
: 114 menit
Medal
: 11 Pébruari 2017
Kulawarga Suzuki hirup di kota Tokyo nu mangrupa salah sahiji kota nu pang sibukna di
dunya. Mun ngadéngé kecap “Tokyo” tangtu baé langsung kabayang patali marga (lalu
lintas) nu ramé, apartemént-apartemént nu laluhur, lampu nu nyala ti beurang nepi ka
peuting, jeung jelema-jelema na nu sararibuk waé. Tokyo siga/kawas kota nu pantrang
kuleum.
Sapertos jalmi-jalmi lain nu tinggal di Tokyo, kulawarga Suzuki hirupna gumantung pisan
kana teknologi. Bapana, Yoshiyuki, damel unggal dinten ngagunakeun léptop, ka kantor
naék(?) karéta listrik, jeung sok nongton tipi saban/tiap mulih ti kantor. Indungna, Mitsué, teu
apal cara motongan lauk nu sageluntung kénéh jeung sieun ku serangga nu sok aya di sayuran
nu dikirim ti lembur téh. Jadi anjeunna mah biasana ngolahna lauk nu atos dipotongan di
supermarket atawa masak(?) makanan nu instan. Budakna, Kenji jeung Yui, duanana candu
kana teknologi, yén leptop atawa hengpon. Hal éta nyebaban/matak/ngabalukarkeun budakna
téh rada kirang hormat ka indung bapana. Putrana nu cikal gé hubunganana kirang alus jeung
Bapana.
Dina hiji poé, kota Tokyo ngalaman blackout. Tina lampu, lift, alarm, hengpon, karéta,
mobil, sénter, mesin ATM, nepi ka pompa air, kabéhanana teu bisa dipaké. Nu dikirana listrik
téh bakal nyala(hurung/murub) isukanana, eh geuningan henteu. Poé ka poé listrik téh teu
hurung-hurung(?). Ti pameréntah ogé taya béja atawa guaran/wawaran da radio, internet,
hengpon, jeung saluran TV na pareum kabéh. Ngilik/ningali hal ieu, kulawarga Suzuki
makin/beuki khawatir/honcewang/hemar-hemir tuluy mutuskeun(?) pulang/balik/mulih ka
mitohana. Dimimitian wéh petualangan/lalampahan/perjalanan pinuh tangtangan na
kulawarga Suzuki ngaggunakeun sapedah ti Tokyo ka Kagoshima tur bertahan hirup
Najan dua taun abdi atos nongton ieu pilem 4 kali, tapi pilem Survival Family suksés waé
nyieun hanjleu/kagagas/sedih jeung betah pisan nongtonana. Teu heran pilem ieu berhasil
dinominasikeun dina nominasi Best Film di International Film Festival & Awards Macao
(2016), Best Achivement in Directing di Faro Island Film Festival (2018)) jeung berhasil
menangkeun nominasi Best Ensemble di Faro Island Film Festival (2018).
Dikutip ti morganwyong.org, dina interview na, sutradara Shinobu Yaguchi nga-highlight
yén anjeunna dina nyieun carita téh teu kapangaruh ku naon nu keur trén, tapi fokus ka carita
jeung pesen nu hayang ditepikeun anjeunna, pernyataan éta téh kabuktian di pilem ieu. Beda
ti pilem-pilem musibah lain nu leuwih nganembongkrun kahancuran paburatak jeung porak
poranda na bumi/dunya, pilem ieu justru leuwih fokus kana konflik hubungan/patali antar
anggota kulawargana. Efek CGI jeung musik nu macu adrenalin nu biasana ngajamur dina
pilem musibah gé teu aya di pilem ieu mah. Saban/unggal/setiap scene karasa nyata jeung
realistis sapertos diambil/dicokot/dicandak dari pilem dokumentasi. Musik na ge minim
pisan. Tapi kombinasi ieu suksés nyieun pilem na karasa nyata. Urang gé jadi tiasa leuwih
asup kana caritana sapertos urang keur nyarios dina percakapan sapopoé nu pastina eweuh
backsound na.
Mun aranjeun mikirna “alah atuh mun saeutik backsound jeung éfékna mah bosen atuh
nongton na gé” Éiitss…keheula! Justru pilem ieu nyieun abdi jadi takjub lantaran bisa nyulap
carita drama nu biasana ngabogaan témpo lami/lelet/laun jeung buat/jieun/bikin ngantuk jadi
carita nu ramé jeung lucu/kayungyun. Loba selingan-selingan humor nu bikin(?) seuri ku
tingkah karakterna. Salian ti éta, aya ogé kajadian nu teu kaduga ku urang. Ti cara
storytelling na gé alus. Urang tiasa ningali scene nu aya di awal-awal/mimiti téh pasti aya
hubunganana/patalina sareng scene-scene selanjutnya/saterusna. Nu bikin leuwih salut deui,
penggambaran karakter na, tingkah laku na, sipat-sipat na relatable jeung deket pisan ka
kahirupan sapopoé.
Pas pertama kali(kahiji?) ningali judul pilem ieu, abdi teu ngarasa katarik/kabetot/kabita
hayang nongton da dikira téh plot carita na bakal biasa jeung standar sapertos pilem
kulawarga nu lain. Éh tapi geningan caritana justru suksés nyieun abdi ngaasupkeun ieu
pilem kana list film favorit jeung berkualitas nu pernah ditongton. Ayeuna justru abdi bakal
ngarasa rugi pisan mun pas éta abdi ngaliwatan pilem ieu. Salian ti eta, abdi teu ningali aya
kahengkeran deui di pilem ieu.
Pesan moral nu ditepikeun pilem ieu loba pisan plus berguna/kapaké jeung karasa pisan di
kahirupan urang sapopoé. Ti pesen ngeunaan kulawarga, tata krama, pamikiran/pangaweruh,
harta, nepi ka tehnik-tehnik cara bertahan hirup teh diajarkeun ku film ieu. Alus pisan mun
ditonton bareng-bareng sakaluarga.
Download